Di imah teu pati rame nongton pertandingan maen bal sadunya teh ayeuna mah. Eta da barudak anu sok ngariung di tengah imah, ayeuna geus imah-imah. Tinggal saurang deui Si Bungsu. Jadi ukur tiluan kaopat budak awewe leutik nu sok maturan kuring, urang Ciwidey. Biasa kuring diuk dina korsi. Bapana budak mah dina dipan bari ngalempengkeun cangkeng. Si Bungsu sok deukeut bapana, ari urang Ciwidey mah ngahaja ku kuring dipangmeulikeun samak leutik. Lamun milu lalajo sok ngampar deukeut kuring. Lumayan sakitu ge aya batur. Ari bareto mah budak anu tilu, jalu wungkul, milu ngariung. Atuh rame kacida da sok katambahan ku babaturanana.
Kitu deui lamun nongton ngadu boksen, babakuna mah lamun aya Muhamad Ali. Kitu suasana teh, ditambah ku Pa Supir. Teu wudu ramena. Kuring sok nyadiakeun dahareun, naon bae saaya-aya. Da geus biasa geuning nongton nu kitu mah, kudu bae bebekelan. Sakali mangsa, susurakan tepi peupeus gelas da suku milu tatajong. Ari surak, matak rareuwaseun tatangga. Ceuk tatangga, nu ngaliwat ge mani ngaralieuk ka imah kuring teh. Atuh sora budak lalaki keur mareujeuhna dewasa, aya kana sapuluh urangna, pantes bae rek eundeur oge.
Ayeuna mah teu kitu, tapi ari resepna mah angger bae. Atuh dahareun oge sok nyadiakeun, ngan teu loba jiga baheula. Aweuhanana Piala Dunia teh tepi ka tengah imah kuring. Dahar peuting gura-giru. Kitu deui solat teh teu jongjon. Rada kacow. Aya leuwihna ayeuna mah resepna teh, da eta resep lalajo kasawelasan Afrika Selatan, Senegal, Turki, Korea, Jepang, Hanjakal Arab mah tijungkel ti heula. Ari beres maen bal teh sok teteleponan jeung barudak, boh ka Bogor boh ka Jakarta. Nya kitu da ka anak incu mah sono bae, kaduana ngabahas hasil maen bal. Rame bae dina telepon ge. Ngadongengkeun kabungah jeung kakuciwaan.
Anu panghayang seurina mah basa lalakon Arab Saudi eleh. Magar ceuk adi beuteung mah kieu:
"Ih ari Teh Ami. Naha teu uninga dongengna?", cenah mani serieus.
"Puguh heran Teh Ami ge, kapungkur mah teu kitu-kitu teuing elehna, ari ayeuna tepi ka ampir sadayana kabagian gul. Dalapan tea...", ceuk kuring.
"In puguh lucu. Hebat Arab teh saleresna mah, nanging lawanna apal kana kalemahanana. Unggal bal parantos kaberik bade direbut ku Arab, sok disingsieunan ku lawan teh. Cenah sok gogorowokan: "Ulah dideukeutan, balna dijieun tina kulit babi, haram! Jadi nebihan deui. Kitu sareng kitu bae sapanjang maen teh. Kawon weh..."
Kitu cenah dongengna teh. Ku aya-aya bae. Dina mangsana aya pertandingan, magrib teh sok ngahaja ka luar, lenga-lengo di jalan. Enya aya bedana. Sigana mah jelema teh rea anu carampegu dina hareupeun televisi. Sarerea pogot kana acara maen bal bae, malah sok jadi mengbal. Ari ayeuna mah sok mindeng kadenge: "Rek nongton bola euy?".
Bet jadi bola, padahal bola teh dina basa Sunda mah hartina benang paranti ngaput. Mun baheula ngahartikeunana teh rek nongton benang. Keur naon benang dilalajoan? Tapi dasar waktu maju terus, ngiser terus, harti bola ayeuna mah aya ngageserna jadi bal dina jaman ayeuna mah.
Ni'mat lalajo maen bal teh. Bareto mah mindeng lalajo Persib lamun keur diadu. Alhamdulillah. Ti jaman Witarsa saparakanca, tepi ka jaman Ajat Sudrajat sababaraha kali. Pet wae teu hayang ka lapang deui asa kaganggu karesep teh ku riributan. Ari aya pamaen keur anteng mamawa bal ngajugjug gawang musuh teh, sok inget kana lagu ciptaan Mang Koko: Mawa bal luar-leor siga oray. Nyerepet benteng musuh mani nyingray...", cenah. Tuluy lamun keur silih rebut asa kadangu deui kecap-kecap dina lagu eta teh: "Sesered, deken, henel. Sisiku ledot, kael. Maen bal, aksi teuing kolor pegat", kitu cenah saur Mang Koko.
Padahal mah nya, lamun bobotoh Persib dialajar lagu eta, da moal nasteung ceuk barudak ayeuna mah, lamun kabeneran Persib eleh teh. Lucu bae, resep. Komo lamun di lapangan diputer lagu eta memeh maen teh.
Kungsi kalalajoan basa Persib diadu jeung Kalimantan Barat, basa gul teu asup bae. Asana mah Sutiono nu bari nulak cangkeng puputeran lebah gawang musuh teh. Kapanggih aya endog tuluy dicokot, di alungkeun. Nyaksianana teh hayang seuri jeung karunya, da geuning gul teh hasil ari endogna geus bucat mah. Wallohualam.
Ari bapa mah kungsi ngadongeng, cenah aya anu maen jeung kasawelasan India. Naha da teu asup-asup cenah kana gawangna teh. Da eta unggal rek ngagulkeun, pamaen musuhna teh kram. Teuing kram naon da teu walakaya nyepak, sok tuluy moyongkod. Kitu dongengna cenah. Bapa mah sok muji Platini, kuring jaman Pele, anak kuring jaman Ronaldo jadi panongton teh.
Ti mimiti der diadu ge televisi teh hurung bae. Resep lalajo teh, suku sok pareng milu totoker, tepi ka diseungseurikeun ku Si Bungsu. Sok geregeteun, komo lamun geus balangah, heug ngahasilkeun gul. Sok kesel. Peresis bae sok inget kana balangahna pamaen Persib. Eta "asyik" teuing maen "cantik" tungtungna gul asup ka gawang sorangan. Peresis ceuk dina lagu Mang Koko.
Resepna mah resep nyaksian acara Piala Dunia 2002 teh, tapi luar biasa keuheulna, eta kana iklan Irex nu teu aya eureunna. Aneh ku teu boga rasa era, teu panjang ingetan, kapan anu nongton teh sakabeh umur nu boga budak leutik mah rumahuh. Kudu nerangkeun nu kitu patut ka barudak. Lain perkara gampang ngadidik ngatik budi pekerti teh. Ma enya kudu diterangkeun sajalantrahna. Jigana lamun aya nu ulang taun bapana barudak teh nurutan indungna mareuli Irex. Rek kumaha lamun diasaan heula ku anakna. Kudu tanggung jawab tah nu nyieun iklan teh. Boa ayeuna ge geus loba kajadian. Budak ngadalahar Irex. Hayangna mah cing sing saha aya kaera atuh nya. Atawa memang ayeuna mah geus krisis kaera oge. Da geuning kitu, rea kanyataanana. Mun hayang jentre sakalian mah atuh Ma Erot bae iklankeun. Bararaid.
Mangle No. 1880
Tidak ada komentar:
Posting Komentar