Minggu, 06 September 2009

Buuk Panjang Buuk Pondok

DUA kali ngalaman dikreul teh. Kahiji keur di SMP keneh, kadua kalina keur di SGA. Kitu ge maling-maling. Da saenyana mah ku Bapa mah teu meunang dikreul. Buuk teh kudu dipanjangkeun bae. Dasar keur ABG tea meureun. Tapi ari geus rintit mah Bapa teh henteu nyeuseulan. Dina manahna mah tangiu teu sapuk, tapi dalah dikumaha deui meureun. Ongkoh duitna ge henteu menta, ieu mah meunang kukumpul tina duit jajan. Ema teu nyeuseul, ukur naroskeun dikamanakeun buukna. Poho teu dipenta, ditinggalkeun bae di salon. Geus ngasaan dua kali mah enggeus bae teu dikral-dikreul deui. Ngarumbay sina lempeng, da puguh ti tatadina oge galing nyere tea atawa galing gantar. Ari hayang seurina, kuring harita boga dulur anu ampir saumur tiluan sarua keur rumaja putri. Teu bebeja heula ka sasaha oge, datang-datang teh geus garaling. Ngan nu saurang deui mah nu panggede heureuyna eta mah keur di SMA 3 teh ka Bapa menta duit. Nyaritana mah keur baju seragam. Atuh ngadangu keur kaperluan sakola mah tara dihese-hese, creng bae duitna dibikeun. Eta adi kuring tea ngan renya-renyu bae. Biur indit tumpak sepedah. Liwat asar datang ngagurudag deui ka pipir imah bari babarakatakan.

"Apa, Apa da sanes kanggo acuk seragam. Kanggo ieu!" nyaritana teh bari nunjuk kana buukna bari digideug-gideug.

Teu, henteu bendu Bapa ge. Ukur mesem bari kekecrek tuluy kadangu ngagerendeng: "Astagfirullah ..." Ngaleos meureun nuluykeun gumujeng. Nu saurang deui nya kitu, nu inget teh di Dago dikreulna teh.

Dina manahna mah pasti henteu panujueun kuring sadulur-dulur ka salon teh. Ngan wijaksana bae meureun. Keun bae cenah sakitu mah, lain kajahatan ieuh meureun. Lucu bae nu aya. Da saur Ema, indung kuring cenah ari ti peuting teh sok jeung Bapa neuteup kuring ari keur sare. Kuring mah teu nyaho-nyaho yen sok dilalajoanan. Sok gogodeg cenah nenjo sirah kuring rimbil ku jepit kaleng paranti ngagalingan buuk. Da nyerina mah nyeri atuh kulit sirah keuna kana kaleng teh. Tapi da hayang geulis tea isukna, hayang buuk ombak-ombakan, kapaksa nyiksa maneh sapeupeuting. Kapan sarung bantal teh meusmeus dikerodan da saroeh kakaitan jepit kaleng tea. Taun limapuluhan harita teh.

Kungsi dina hiji mangsa Ema sasauran ka Bapa:

"Kang Adur (kitu nyaurna ka Bapa teh), abdi ge bade nyuhunkaun widi ieu buuk anu ti payunna bae bade diholfenkeun (Ku Basa Walanda nyariosna teh) bae saeutik nya!" saur Ema bari nunjuk kana palebah embun-embunanana. Bapa teh ngawaler bari melenyun nyesep Escort.

"Pek wae, urang sakalian digundulan," walonna pondok.

“Tuh, da kitu Apa mah," saur Ema. Unggal Ema sasauran kitu Bapa teh nembalanana kitu bae. Jadi sieun Ema ge, cenah. Ari barudak mah teu digarundulan ku Bapa teh.

Saur Nini, ibuna Ema, cenah anu resep dikreul mah awewe sundel malem, alias dayang, alias awewe bangor. Buuk dikiriting, diwedak camerok siga careuh bulan, biwir ambucuy digincu. Arikaluarna ti peuting, meh teu kaciri goreng patutna. Era oge ku dongeng eta teh, tapi da kuring mah diwedak teu camerok, biwir tara digincu. Digincu-digincu geus tingkat tilu bae keur jadi mahasiswa, kitu ge alatan keur diajar ngajar di SLA, bisi sarua teuing jeung murid. Da eta Ema mah keras pisan, magar lamun dibiasakeun make lipstik, biwir teh moal wajar beureumna, malah kalah jadi peueul da karacunan. Laranganana keras pisan kana soal dangdan teh, magar lamun keur parawan resep dangdan, engke lamun pangantenan moal kaluar cahayana. Saha anu teu sieun dina mangsa pangantenan urang henteu moncorong.

Dina hiji poe kuring mukaan albeum. Aya potret kuring keur galing tea. Buuk sataktak, ngombak. Make bondu beunang nyieun sorangan da euweuh di toko mah, can usum siga ayeuna balatak ka emper-emper jalan.

"Disidik-sidik mah geuning geulis oge nya abdi teh," ceuk kuring.

"Siga Si Encim," cenah jawabna pondok ceuk bapana budak.

"Mun baheula wawartos mah, da bakal dicarek," cenah nuluykeun.

"Euleuh-euleuh make kudu bebeja heula. Memangna naon hakna make nyarek-nyarek sagala," ceuk kuring. Sugan teh rek ngaenyakeun kana omongan kuring.

Hadena bae kuring geus ngajaran dikreul, mun acan teh meureun panasaran. Geuning Ema oge kalah rek digundulan ku Bapa. Bapa mah henteu ngawagel, ngan kungsi sasauran:

"Hadena awewe mah buukna dipanjangkeun. Ari waktuna kudu disamping, teu hararese digelung," ngan sakitu. Ema ge sok nembrong, magar teh gede gunana boga buuk panjang teh. "Jaga lamun boga anak sirahna tidagor, bancunur, usapan bae ku buuk urang. Sok tereh cageur!" saurna. Jeung enya sok kajadian.

Tepi ka sepuhna Ema mah teu kungsi neukteuk rambut. Keur anomna mah komo mani ngagebay, gomplok meles hideung. Seungit deuih da sok resep seuseungitan. Murudulna teh sanggeus teu damang bae, malah ku adi kuring mah diteukteuk da susah ngurusna.

Incu kuring nu saurang di Jakarta. Umurna kakara lima taun harita teh. Buukna alus, keur ngombak teh geus panjang ngali-watan taktakna. Ku kuring diusapan" buukna teh. Gomplok, tapi lemes, leuleus.

"Mani tos panjang nya rambutna. Mani sae kieu," ceuk kuring.

"Muhun Nini, tapi henteu sapanjang rambut Mini," tembalna teh semu sedih. Asa karunya nempo incu mah, leutik keneh dipanjangkeun buukna. Di Jakarta tea deuih, matak harareudang. Panas.

Ceuk heureuy barudak kiwari mah cenah, lalaki teh hese rek nyebut "Sayang", bari ngusapan buuk kakasihna teh, da can tamat ngomong, buuk usapaneunana geus beak. Ukur tepi kana "Say ...!" cenah. Wallahualam.

Bandung 11-5-2002 (Mangle No. 1905)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar