"TAH geuning tukang goong teh. Naha ka mana wae atuh sakitu batur paciweuh teh? Ku aya-aya bae," saur Pa lyeng (suwargi) harita di Partere Bumi Siliwangi. Kapan harita teh rek aya acara. IKIP rek kasumpingan pingpinan Darma Wanita ti Pusat, Jakarta. Ari. kuring harita kabagean jadi tukang goong dina gamelan Degung nu digarap ku ibu-ibu anggota Darma Wanita IKIP Bandung. Puguh aya perlu heula harita teh. Ibu-ibu nu sejen geus siap rek ngabageakeun 'gegeden'. Kabeh make samping jeung kabaya seragam Darma Wanita, nya eta setelan samping batik Turumtum jeung kabaya koneng make karembong hejo. Alus oge, hibar, caang jeung lucu siga warna ekek. Digelung paalus-alus, malah cenah aya anu ti kamari digelungna di salon, atuh sapeupeuting teh kapaksa sare nangkuban, atawa nyuuh bae kana meja da gelung sieun kusut, sasakna sieun ruksak. Isukna panon teh ceuleuyeu da kuring sare.
Saenyana man panakol goong teh henteu dibabawa ka mana-mana, di dinya bae dina jero goong, kapan aya anu ngelewungna. "Di mana atuh disimpenna panakol goong teh Ami?" saur Pa lyeng. "leu Pa," tembal kuring bari nyolongkrong kana goong. "Nyaho di dinya mah teu kudu ribut. Geuningan di dinya, nyaho kitu mah bapa ge sadia jadi tukang goong," saur anjeunna.
Harita teh salaki kuring keur jadi dekan, ari anjeunna jadi dosen senior. Ku lantaran anjeunna apal ka kuring ti leuleutik, nya biasa bae Ami-Amian. Genah karasana teh, asa jadi budak bae ari ku kolot dicalukan ngaran sorangan. Kuring kenal ka anjeunna teh ti baheula, da anjeunna teh kapan dina jaman Walanda di sakola guruna teh kelasna sahandapeun bapa kuring. Saur Bapa, anjeunna teh tukang ngabodor. Lamun aya perayaan di sakola, sok kapeto ngabodor sasarengan jeung Bapa Sunarya nu katelah Kang Yaya. Bapa mah langka disada gumujengna teh, tapi lamun geus ngadongengkeun Pa lyeng sareng Mang Yaya, anjeunna mani sok ohek-ohekan gumujengna teh. Kukusekan bae sorana teh tara babarakatakan siga urang. Duanana oge di HIK-na teh kawentar tukang ngabodor.
Ti barang latihan, Ibu-ibu teh euweuh nu daekeun jadi tukang nakol goong. Duka teuing ku naon. Eta meureun hoream nyekel panakol nu euweuh pikabogoheunana. Lian ti nakolna langka teh, eta diukna teh nya di tukang nya di juru. Nabeuh kendang onaman rada maju meueusan, jeung rada kerep, tuturuktukan digenah-genah. Kumaha atuh goong, panakolna teh nya pondok nya bedegul, katambah-tambah sok dibulen ku kaos hideung. Nyekel saron mah atawa bonang, genah bisa 'gumeulis' di hareup.
Sakuringeun mah teu nanaon jadi tukang goong, da bareto ge keur jadi mahasiswa keneh, geus seubeuh jadi tukang bonang. Kapan boga perkumpulan. Lumayan bisa ditampilkeun. Tempat latihan teh di antarana di kalereun alun-alun, nu ayeuna mah jadi bank.
Sakali mangsa kuring kungsi ngajaran, goong teh henteu ditakol mangkaning dina ahir lagu. Euleuh eta ibu-ibu mani pating gerewek ngaralieuk ka tukang, ngarambek. Horeng karasa pentingna goong teh. Lagu anu teu digoongan tungtungna, jadi teu genaheun.
Teu digoongan ribut. Aya deui anu digoongan jadi rame. Sababaraha waktu ka tukang, heboh anu ngarambek, pedah cenah Cianjuran digoongan. Komentar ti ditu ti dieu rame. Kuring mah resep bae macana. Rarecok nu nulis, yen kacida teu panujuna lamun kasenian Cianjuran anu biasa .dipirig ku kacapi jeung suling, digoongan.
Kuring bae lain ahlina kacida teu satujuna. Kacipta bae lamun kacapi jeung suling anu sakitu adumanisna, der direwong ku goong. Teu kacipta garihalna.
Sigana mah aya anu lalajo saliwat basa keur midangkeun Tembang Cianjuran teh. Kabeneran di panggung dipasangan goong. Ger bae nulis laporan yen Cianjuran digoongan. Atuh anu nyaraah kana Cianjuran teh sewot. Kabeneran harita kuring ge lalajo. Di Jl. Purnawarman harita teh. Sakanyaho kuring mah da teu ngarewong lalaguan. Ayana goong dina panggung teh, kalah nambahan sieup papanggungan. Ditakolna mah ditakol nandakeun reureuh jeung ganti babak. Teu beda ti ditakolna goong di Rumentang Siang lamun STB mentas.
Ceuk beja, basa Tembang Cianjuran dipentaskeun di Prancis, di Gedong Kasenian nu mashur, podiumna teh disaput ku buludru hideung. Di panggung dipasang goong gede anu koneng umyang lir emas sinangling nu biasana eta goong diteundeun di gedong kedutaan. Kacapi ditata rapih.
Nu ngacapi jeung nu nyuling didangdosan Sunda hideungna. Juru tembang sangkeloh emok. Layar dibuka lalaunan, sanggeus goong ditabeuh teh. Bray cahaya lampu nyorot ka podium. Tacan disada ge kacapina suasana teh geus karasa geueuman cenah. Barang jentreng kacapi disada, ditema ku gelikna sora suling, nu nongton teh lir kasirep, komo geus ditema ku haleuang tembangna mah, ku ieu kasenian anu pinuh ku misteri teh.
Terus terang bae, ku kakara ngadenge bejana oge kuring mah geus muriding. Reueus ku sagala rupana. Reueus ka nu ngadukung ieu pagelaran. Kacipta, kasenian milik urang Sunda bisa nyirep panongton di gedong anu sakitu agrengna di nagri deungeun. Ngahaturkeun nuhun ka para karuhun, anu geus ngalahirkeun ieu kasenian anu sakitu ahengna. Alhamdulillah, jadi milik urang Sunda. Kitu deui ka para seniman anu ayeuna masih mupusti.
leu mah lalamunan. Ari lalamunan teh sok sering jadi kanyataan. Lamun seug sakabeh perkumpulan Tembang Sunda Cianjuran geus ngahiji dina hiji wadah anu jembar satatar Sunda, meureun gampang ngaturna lamun nyieun acara boh keur radio boh keur televisi, bagilirna teh. Meureun asa urang teh jadi urang Sunda nu hirup di Tatar Sunda. Da ayeuna mah neangan siaran Tembang Sunda ari peuting-peuting teh hese kacida. Sanajan staston radio rea (swasta), stasiun TV rea. Kacipta lamun aya paradeu. Ukur jejemplangan bae mah wani kaul da boga keneh tutungkusan ti Bapa Entip baheula: Bangbara ngudag nyiruan, eunteup dina dahan nona. Saniskara kalakuan masing sabar jeung darana. Kitu cenah. Teu kudu digoongan. Tapi lamun saukur keur papaes panggung, atawa pikeun tanda ganti babak, atawa ngamimitian acara, ah da moal ngaganggu kana Cianjuranana. Teu pantes soteh lamun goong pipilueun ditabeuh marengan kacapi jeung suling.
Nyiruan lamun diganggu sok nyeureud. Tapi antara maranehanana mah ngahiji bae runtut raut, malah ngahasilkeun madu. Ari urang Sunda bisa kitu hirup siga nyiruan? Nyeureudna teh lamun diganggu bae. Kuring mah keur siap-siap bae, hayang seubeuh jadi penikmat, malah mun bisa mah hayang jadi salah saurang panongton cara nu di Prancis tea. Sugema ... meureun. Muga-muga bae kajadian.
Bandung 16Mei 2002 (Mangle No. 1901)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar