Ti keur di SD (baheula mah SR, Sakola Rayat), diteruskeun ka SMP, diteruskeun deui ka SGA, di sakola teh diajar Basa Sunda. Can anggeus keneh, ti dinya teh asup ka Jurusan Sunda di IKIP nu ayeuna ganti ngaran jadi UPI. Tapi asa teu seubeuh-seubeuh diajar Basa Sunda teh. Da geuning rea unak-anikna. Diajar elmu basana, Undak-usukna, Tata-Basana, Ngarang, atuh kasusastraanana, boh nu heubeul boh nu anyar. Acan basa-basa sejenna nu aya pakuat-pakaitna jeung Basa Sunda, saperti Basa Jawa Anyar, Basa Jawa Kuna, Basa Sansekerta, Basa Inggris jeung Basa Arab. Bareto basa mimiti asup ka Jurusan Sunda taun kuliah 1958/59, kaget oge da geuning harita mah sakitu banggana.
Tah, ti keur di SD keneh, di kelas teh papanggih jeung anu disebut paribasa. Asalna mah saeutik-saeutik, beuki lila beuki loba. Tungtungna mah kudu dibahas. Tara pati dipake hate, atawa jadi pikiran. Dipikiran teh sok saliwat-saliwat bae. Kumaha unina Paribasa, tuluy dihartikeun contona. Peun bae.
Geus satengah abad kieu kakara kapikir deui hartina eta paribasa-paribasa teh. Bet rea anu kajadian dina jaman ayeuna, tur ngahartikeunana teh gampang. Keur mere conto ka nu tacan ngarti teh gampang. Bet rea anu kabuktian.
Di antarana aya paribasa anu unina kieu : nangkeup mawa eunyeuh, nyanghulu ka jarian, bebek ngoyor di sagara, rek nginum neangan cai, bentik curuk balas nunjuk, kandel kulit beungeut, hade ku omong goreng ku omong, jeung rea-rea deui.
Beuki dieu beuki dilenyepan omongan karuhun urang teh rea benerna. Bareto keur budak kuhgsi ngadenge ceuk kolot:
"Barudak, jaga mah endog hayam teh bakal ngagorolong ka Batawi". Da jeung enyana geuning ayeuna teh, geus kaalaman, di jalan tol teh treuk nu ngangkut endog hayam, malah jeung hayamna, ngagorolong bae ditreukan. "Jaga mah damar sewu teh teu kudu diminyakan". Da teu salah atuh, geuning lampu bruy-bray di mana-mana, komo di tempat hiburan nu balaleunghar mah.
Aya kenalan di Jl. Leuwigajah, ngan ti jalan gedena teh nyimpang deui ka jalan leutik. Rek ngajugjug ka imahna teh, ngaliwatan sawah saeutik nu tacan leungit ku wawangunan. Parena teh kakara ngarambet sakali sigana mah. Ti dinya datang meri saabringan. Ujug-ujug gebrus bae ancrub ka sawah. Awakna kakeueum, tuluy ngalelepkeun sirahna. Gibrig-gibring ngagibrigkeun awakna bari kikiplik. Kuring olohok nyaksianana, ari Si Meri ge katembong culang-cileung bari siga nu bengong deuih. Kumaha teu rek reuwaseun manehna oge, da buluna teh salin jinis jadi hideung lestreng. Tadina meureun manehna teh rek mandi rek nginum, ari pek bet siga dongeng Gagak Jadi Hideung. Karunya. Sigana mah sumur-sumur di dinya ge geus teu sehat deui caina. Kapan ampir sapanjang jalan diwangun ku pabrik-pabrik. Encan jalanna mani garicu.
Atuh nangkeup mawa eunyeuh. Tilupuluhdua taun anu maringpin teh tumut ka pupuhu nagara. Malah mindeng jadi ' kaheureuyan sapopoe lamun nyebutkeun: "Menurut petunjuk Bapa Presiden...", teh. Nu ngadenge teh sok tuluy arimut. Ayeuna Bapa Presidenna aya masalah, da kacipta atuh tagiwurna nu tadina narangkeup, maruntang kana pupuhuna tea. Mawa riweuh ka sarerea. Jadi sagala henteu kaurus, da nu tadina kudu ngurus rahayat, ari ayeuna jadi uruseun nagara.
Atuh kandel kulit beungeut, da matak helok ka urangna. Eta ku garenah bae nyarengcle, samaruk urang teh teu nitenan. Asa ku hebat-hebat teuing ieu nagara. Tuluy diteruskeun kana asa nyanghulu ka jarian. Kumaha teu ngeunahna aambeuan jeung tetenjoan, mun hulu urang deukeut jarian. Masya Allah. Sakuringeun mah, sagala rupa teh sok hayang ngalenyepan bae. Tapi rumasa hengker. Ngan aya lolongkrang keneh keur usaha teh, nya eta usaha nu cenah panghengkerna nyaeta ngadu'a. Alhamdulillah ti leuleutik geus diajar ngadu'a. Wah, lamun teu bisa kitu mah duka kumaha miara cita-cita jeung harepan. Ti bubudak kuring resep mulungan elmu ka para sepuh kitu deui ka Kiai. Ari ngobrol jeung aranjeunna teh sok tingtrim, balik teh sok nambahan cecekelan hirup. Sakieu aya kakolotan oge, angger karesep teh henteu ngursa ngurangan. Nu pangahirna kuring meunang cecekelan deui bae.
"Ayeuna mah Enden, salametkeun salira, salametkeun para putra, salametkeun kulawarga. Ulah lali suhunkeun ka Allah Swt. Ayeuna mah sakurilingeun urang teh parantos rareksak. Masya Allah, seueur anu parantos rareksak. Dalah anu kawitna disebat ulama, Masya Allah....", kituna teh bari ngeclak cisocana teh.
Bet ras inget kana riwayat Kangjeng Nabi Sulaeman. Nalika anjeunna calik handapeun tangkal anjeunna dicoco sireum. Barang ditingali ku anjeunna, horeng di dinya teh sireum mani nyayeud. Anjeunna bendu, tuluy bae sireum teh direndos, padahal anu nyoco mah ngan hiji. Sireum nu teu boga dosa ge karendos jadi korban. Geuning kitu dimisilkeunana benduna Allah ka manusa nu wangkelang ka Anjeunna. Jelema anu teu boga dosa oge bakal kabawa jadi korban. Masya Allah, sararieun teuing. Mugi-mugi Allah masih keneh maparin kasempetan ka urang pikeun migawe naon-naon anu dipikaresep ku Anjeunna, ulah migawe naon-rtaon nu jadi matak bendu Anjeunna. Amin.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar